Senin, 28 Januari 2013
SALAH NYEBOKAN .....
Waktu kuring keur sakola SD, kabeneran da ari sakola teh pas hareupeun imah pisan, kadang kuring sok ngadenge lamun guru keur ngawangkong bari jeung babaturan nana da ngobrolna hareupeun imah uing pisan. Ieu salah sahiji guru uing nu bageur tur someah jeung beuki heureuy pisan, pada mikaresep barudak ge, da istuning tara ngambek mun ngajar sok heureuy bae, namina teh pak ibro panggilan akrabna mah.
Kabeneran manehna mah seueur pisan anakna, mangkaning kasebut reundeuy oge alias loba anak, jeung jarakna paling sataunan, da memehan sataun hiji, sanajan kitu manehna mah tara aral ku barudakna, justru bagja cenah loba anak teh, ari ngajar angger kana motor nu honda siki nagka katelahna teh, kekeretekan, warna beureum ati da geus rada butut, jaman harita mah nu alus mah motor honda CB....
Kadang sok carita, ku sabab loba budak, dahar, mah cenah cukup ku teri usam jeung angeun kangkung beh, nu penting mah mahi..dari ari gajih guru jaman harita mah ka itung leutik, sanajan kasebut pagawe negri, loba jalma nu ngabirigidig mun warung di jajanan ku guru teh, da geus katebak cenah..ujung-ujungna nulis dina keretas, bari nyengir, ke dibayarna akhir bulan, teu jiga ayeuna kapan ari guru teh marake mobil jeung motor alus...
Hiji mangsa manehna carita ka indung uing, da kabeneran ema uing mah dagang disakola, kayaning huduk, bala-bala jeung cireng, bari dahar huduk teh manehna seuseurian carita...." Tadi mah cenah meuni asa ngenes pisan, basa isuk-isuk manehna sare keneh, anakna geus reang careurik, nu hiji menta jajan, nu hiji hayang mandi rek sakola, nu hiji keur ulin di buruan, nu hiji deui keur modol (ee), ari istrina keur nyeuseuh....tuluy istrina gogoroan" Bapak...geura hudang, iyeuh baruak careurike, tuh sidede ee, geura cebokan "ceuk istrina . Atuh kapaksa cenah bari lulungu keneh teh manehna hudang, bari tuluy kahareupun imah, katempo budak na keur nagog diburuan, tuluy manehna mawa cai saember jeung batokna, tuluy eta budak teh dicebokan, nepi ka beresih, geus anggeus mah, manehna teh ka tepas deui, tuluy neruskeun hanca, sare deui.
Teu lila barudak na teh kumpul deukeut manehna aya nu menta duit, aya nu naek ka awakna, akhirna manehna hudang, da kaambeu..asa bau naon ieu teh, naha asa nyelek jeung hanggru kana angen,,,atuh bray weh beunta, barang nempo teh anakna keur naek kana beuteungna, bari angger ceurik.." Bapa dede ee, hoyong diobeh", adug-adugan dina beuteungna, atuh etah taeun si dede teh meuni balepetan dina kaos bapana, bari nyengir jeung ambeuk..kapan tadi cenah geus dicebokan, naha bau keneh ieu budak teh..., ari nanya ka lanceukna ari tadi nu modol saha? pas ningali teh sihoreng nu di cebokan mah nu teu modol anakna nomer tilu nu tadi ulin diburuan, ari nu modol mah can dicebokan,,,akhirna naek ka manehna"
Bari jeung ambek jeung keuheulge kapaksa manehna nyebokan eta budak ngan sajeroning ngambek teh.manehna sura seuri sofangan."Dasar seblu, ari loba budak mah, nyebokan ge salah...nu teu modol dicebokan ari nu modol di antep"....
c
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar