Selasa, 01 Januari 2013

1 JANUARI 2013

Peuting tadi sanajan hujan ngaririncik tapi tetep, jalma mah rea ngarayakeun ganti taun anyar ti 2012 janten 2013, padahal mun ningali katukang di tahun 2012 teh loba kajadian pikaseurieun jeung pikasebeleun... Jelema was-was ku ramalan jenengna mamah lorent, cenah desember 2012 teh kiamat teh ceuk pangimpleng manehna aya dina tanggal 12 bulan 12 tahun 2012, harita ge sempet jelema kasieunan aya kiamat, tapi bang nincak ka tanggal 13 rame pada komen, geuning teu aya kiamat teh..asa bungah pisan, komo mun nanya barudak sakola sma murid emang.." naha maneh sieun kiamat barudak?" kontan kompak ngajawab" Can ngasaan kawin pak" naha aya kitu hubungan kiamat jeung kawin?, barudak teh meuni rame....nya hoyong ngasaa taeun pa....., ah teuing naon taeun teh... beres ramalan mamah loren teu kabukti, anti deui tipi rame pisan ngomongkeun kiamat, malahan ditambahan cenah panon poe teh geus leuseuheun nyorotan bumi unggal poe, ieu mah nurutkeun lamaran kalender Suku Maya....teuing suku neng maya anu mana...kan suku neng maya nu mulus tur bohay mah, sukuna nen luna maya..nu ayeuna geus putus jeung ariel nu nyieun grup anya arana grup musik ,,No....ach. nurutkeun ramalan suku maya , cenah kiamat teh bakal datang dina tanggal 21 bulan 12 tahun 2012...atuh bujur uing teh mulai deui endat-endut asa sarieun pisan, komo pas tanggal 20 desember mah, kabeneran rek bagi rapot barudak....tapi ditungguan nepi ka isukna deui teu aya nanaon...teu jadi kiamat teh.. Malahan nu ngageunjleungkeun eusi nagara urang mah lain perang" Hamas lawan israel, atawa hilarry clinton nyuksruk mabok kelek obama, nepi ka diganti na, da pinsan, atawa jendral amerika di afghanistan bunuh diri, gara-gara hayang lotek genjer teu daek manggih" nu ngageunjleungkeun mah nyaeta ulahna " Bupati Garut Aceng Fikrie" nu resep pisan kawin ka parawan, timimiti nini-nini jeung aki-aki nepi ka presiden jeun gubernur oge ngomongkeun aceng fikri......Majar teh cenah saya mah jelema kasep, loba ibu-ibu ngantri hayang sasalaman jeung manehna....teuing ach..keur mah situasi ekonomi keur ripuh, loba buruh daremo hayang naek gajih..ieu mah bupati hayu malah naekeun popularitas sorangan.... pokokna mah tahun 2012 mah rame pisan...rahayat keueung ku pareman jeung elesem....nu jaga dijalan lain pulisi tapi preman jeung pa ogah, naek angkot di todong dugi ka maot, aya nu nyupir bari mabok...atuh batur katabrak...aya nu geulis, neng nopi amalia, nyupir make kutang jeung cangcut doang....jigana manehna teh teu kuat kabelet hayang miceun, atuh ngebut...pas nepi jalan disangkana jamban, padahal pulisi jeung nu keur jajan..ditabrak ku manehna..... tos heula ach..ke urang sambung deui ngacaprukna..ayeuna mah geus cangkeul nulisna ge

Tidak ada komentar:

Posting Komentar