waktu nulis ieu carita sabenerna kuring ge teu nyaho saha miyabi teh, etaweh saprak, ditipi raribut miyabi rek datang ka urang, atuh moni rame,saha miyabi teh, tisaprak harita jelema kolot jeung budak, tukang ojeg jeung tukang hayam nyarekelan hape pake gprs ngadonlod miyabi, ari geuning heeuueeh moni golis jeung ih da nyaah teuing geulis-geulis daek kikituan.
pas kabeneran, uing teh ngiuhan di emper toko isuk-isuk basa rek indit digawe, da hujan moni gede pisan, kuring cicing nungguan hujan rada raat di emper toko, hujan teh gede pisan moni ngagebret, teu lila torojol deuoh aya motor datang, sarua rek nungguan hujan raat, manehna rada jibrug baraseuh, kahujanan, tuluy muka jas hujan jeung helmna, manehna ngawanohan" hujan teh gede pisan nya kang" ditembalan ku kuring" enya ieu ge geus 15 menitan uing didieu" kabeneran kuring teh mawa koran, aya tulisan miyabi meuni gede, pas eta jelema ningali matana kerung, bari nanya"gambar saha eta kang?" "ieu miyabi tea, urang jepang", ceuk kuring.
manehna ngahuleng rada lila, tuluy ngaluarkeun foto dina dompetna, " kang sarua teu fotona" kuring ngarenjag, geuning heueuuh katempo eta foto miyabi teh hareupeun imah jeung manehna bari ngalahun budak, asa teu percaya kuring nyanya kamanehna" ari amang jeung miyabi teh dulur lain" manehna nembalan "lain dulur kang , manehna mah awewe kuring, nu ayeuna di jepang, arana mah , minah, naha diganti jadi miyabi"
tuluy manehna carita, sabaraha taun katukang, manehna teh kawin jeung minah tea,kembang desa panggeulisna, kusabab pagawean manehna mah ngojeg atuh rasiko sapopoe teh mindeng teu mahi, akhirna mah eta minah teh ngalamar, gawe, kabeneran da loba perusahaan, pamajikanana nu arana minah katarima di perusahaan jepang, digawena mah cenah ngan jadi tukang beberesih aliyas kelining servis, kusabab rajin, naek pangkat cenah jadi opis girl, pelayan di kantor tea, sabab pamajikan akang mah geulis atuh loba pagawe raresepun pisan ka bi minah tea.
akhirna mah kadirektur urang jepang ge nyahoeun, yen minah teh rajin jeung geulis, awewena tukang ojeg, nepikeun akhirna ditarik jadi karyawan, bagian operator, nepi ka akhirna jadi super piser sagala, padahal pamajikan akang teh kan lulusan esde,
sakali deui cenah minah teh kapilih kudu pindah gawe ka jepang, akang sabenerna mah beurat ngaleupaskeun manehna teh, kusabab keukeuh peuteukeuh hayang ka jepang atuh akang teh ngijinan weh, geus dua taun nu mere beja atawa surat, padahal manehna teh boga hape tapi tisaprak indit karak lima kali nelepon, bejana mah geunah cenah gawe di jepang teh, tuluy kusabab urang jepang mah teu puguh manggil aran minah teh, manehna ganti aran jepang, nyaeta Maria asalana ti jawa, jadi katelah bi minah teh mariya ozawa, padahal hartina mah minah atawa maria asal jawa, jawa barat tea.
keur nambahan ongkos balik ka lembur, bejana mah salian di gawe dipabrik teh, bi minah teh cenah dadagangan, ari di jepang teh tiris jadi manehna teh dagang Mie ayam, laku pisan, da beda mi ayam jepang jeung sunda mah, ngonahan mie ayam ti sunda, salian ti mie ayam , bi minah teh dagang surabi sagala, jadi dua dagangannana teh nya emih nya surabi, kadang urang jepang teh sok meuli duanana mi jeung surabi, bari nyebut kieu" pesan Mi ya , surabi juga ya" ditembalan ku pamajikan " Ya Mi ya surabi" ceuk jepang na nembalan " Ok Mi ya bi" jadi katelah deui eta bi minah teh Miyabi alias minah urang jawa, ari urang jepang mah, nyebutna teh Miyabi alias Maria Ozawa" teu lila aya sora telepon sasada, euuh telepon jelema tadi sasada, tah kang ieu manehna nelepon" manehna asik nelepon, ari kuring mah buru-buru kana motor da hujan geus raat, beeer weh deui ngajugjug kota Karawang, biasa ngejar setoran, ngocoblak hareupeun budak" he he he he
mang obed tea,