Jumat, 08 Januari 2010

RIN SAKURAGI

aya-aya wae, dina jaman kiwari mah, karak anggeus wawuh jeung miyabi ayeuna aya deui, urang jepang teh, nu ngaramekeuun uteuk urang dieu, arana Rin Sakuragi, asa kakarak ngadenge eta aran, saperti biasa emang teh panasaran, tuluy muka internet, ditulis aran ata, terus di teangan, ari bray teh aya, gambarna teu salah deui eta mah wawuh pisan, kapan tatangga emang pisan, arana teh neng Rini, ngan sok di panggil Rin doang, atuh gancang emang teh nanya kamanehna, kunaon neng Rini jadi terkenal make aran sakuragi sagala jiga urang jepang.

"enya emang, abdi teh ayeuna mah katelah Rin Sakuragi" carita na mah kieu, saprak abdi kaluar sakola, abdi teh milari damel kaditu kadieu, kusabab loba pabrik tarutup atuh hese pisan naeangan damel teh" tos lima bulan abdi teu gaduh damel, akhirna abdi aya ide, pas uih ti bandung, harita teu nganggo jalan tol, tapi jalan biasa, pas ngalangkung di daerah bendul nu loba peuyeum, geuning asa bet pikarunyaeun, ayeuna mah eta toko teh loba nu balangkrut, da jarang mobil liwat ka bendul tea, atuh abdi teh mikir kumaha supaya eta peuyeum bendul teh laku jeung terkenal deui jiga baheula, akhirna mah, abdi teh coba nawarkan ka jakarta, kumaha lamun peuyeum teh di ekspor bae ka jepang, kabeneran abdi teh nawarkeun eta peuyeum ka tiap paerusahaan jepang, respona mah hade, ngan maneh na bingung, kudu di aranan naon eta peuyeum teh, da di jepang mah apan teu aya arana pueyeum, asa hese di sebut ku urang jepang aran peuyeum mah, akhirna eta urang jepang teh nanya, " ari aran anjeun saha?" ku kuring di Jawab "Rini" oh " Rin yach" ceuk urang jepang tea, terus nanya deui manehna teh, " ini di buat dari apa" ku kuring di jawab, saena mah nganggo "ragi" da peuyeum mah dijieun ku sampeu jeung ragi" manehna nanya " ragi seperti apa?" atuh kuring teh, ngaluarkeun conto ragi dina saku calana. ceuk uarang jepang " ya Ini namanya "ragi yach" di ambil dari saku Rini", oke sekarang akan saya kasi nama ini peueyeum" jadi Rini Saku Ragi, kamu setuju, atuh kuring satuju bae nu penting boga gawe jeung peuyeum bisa di ekspor ka jepang tea, akhirna eta peuyeum teh jadi diekspor, mimitina mah ngan sakontener, ayeuna mah meh nepi puluhan kontener, di ekspor ka jepang, malah aya toko na sagala, di ditu teh, tokona ge di aranan "Rini Sakuragi Store" ari nu didagangkeun mah angger weh peuyeum. ti saprak harita eta peuyeum teh jadi di kenal "Rin Sakuragi"

oh kitu, ceuk amang, ningali neng Rini nu geulis tur pinter, nu ayeuna terkenal tukang peuyeum tapi diganti ku aran Rin Sakuragi tea.   



di jieun ku mang obed, jam 6.42 tanggal 9 Januari 2009, satengah setreesss